RIADLOH
CERMINAN KARAKTER JALMA MUSLIM anu dasar

Jalma muslim perlu ngajaga bari ningkatken kana kaimanan, sabab kaimanan individu muslim bisa jadi Cerminan Karakter Jalma Muslim sejenna.
Riyadloh malam kamis
25 januari 2024
KH. Asep Maoshul Affandy
jiwa seorang Muslim
1. Ngaberesihkeun diri tina panyangka salah ka dzat Alloh, kafirin jeung munafikin.
Carana kudu apal kana hakekat dzat Alloh ku cara nganyahokeun (nepi ka maʼrifat) kana sifat-sifat Alloh, elmuna ngarana Tauhid/Ushuluddin.
2. Salawasna syukur ka Alloh
Syukur ka Dzat anu tos masihan sagala rupa kanikmatan jeng kabunah, da moal aya taqdir Alloh anu goreng, takdir anu goreng mah ngan ukur panyangka jalma anu narimana, biasana lamun akur jeung kahayang sok disebut hade ngan lamun teu akur jeung kahayang sok di sebut goreng, padahal najan karasa goreng atawa nyeri eta the hakekatna perkara mah hade mungguh Alloh, (lanjut dongeng aki2 jeung anak raja).
Ngaran kalimah tahmid الحمد لله
Alat sukurana eta aya aya 3:
- A. Bil jinan (hate) ku cara ngayakinkeun dina hate bahwa eta ni’mat ti Alloh.
- B. Bil Arkan (Anggota badan) ku cara awak di lampahkeun kana perkara anu hade.
- C. Bil lisan (lisan) ku cara lisan baseuh muji jeung ngagun- gkeun ka Dzat Alloh SWT.
3. Iman Ka Alloh bari ikrar diri ku lafad kalimah thoyibal.
lafadz eta pastina numutkeun katantuan syara kudu ikrar dua kalimah syahadat bari hate ma’rifat jeung tashdiq.
anu numutkeun katantuan syara kudu ikrar dua kalimah syahadat bari hate ma’rifat jeung tashdiq.
4.Gedekeun / Agungkeun Alloh dina diri,
Wungkul tumut ka Alloh heunteu kanu lian, tumut ka indung bapak, ka pamingpin, ka salaki ge pedah dipiwarang ku Alloh.
