Connect with us

RIyadhoh

Riadloh Miftahul Huda “Husnudhon ka alloh”

Published

on

Pemateri riadloh : KH. Jaja abdul Jabar, Kamis 27 Maret 2008, Riadloh Miftahul Huda wengi ayena “Husnudhon ka alloh”.

Di antara kawajiban pikeun jalma anu Mu’min nyaeta Husnuddlon lillah, hartosna alus sangka ka Alloh. Aya sababaraha cara pikeun ibadah ka Alloh :

1. Ku jalan ngama’rifatkeun kana Sifat jeung Asma Alloh.
2. Ku jalan nafakuran ni’mat-ni’mat ti Alloh anu parantos dipasihkeun ku Anjeunna.

Cara anu ka dua mangrupakeun cara anu panggampangna dilakukeun ku sarerea.

Penjelasan Riadloh Miftahul Huda “Husnudhon ka alloh :


Di antawis kawajiban hate anu kudu dipimilik ku Muslim yaeta alus sangka ka Alloh dina papasten anu hadena (cocok jeung kahayang) sareng dina papasten anu awonna (anu teu cocok jeung kahayang).

Pasti satukangen eta aya hikmah anu jadi kamaslahatannana. Hal eta pastina balik deui kana diri pribadi anu ngarandapan. Ulah rek boga sangka goreng ka nu Maha Suci, rek situasi anu kumaha bae, rek jembar atawa henteu pokona naon bae anu tumiba ka diri pasti aya hikmah jeung kamaslahatannana asal urang bisa nandeannana.

Moal aya hiji kajadian anu tiba ka diri kajaba aya shirotna, teu meunang aya jiwa su’uddlon ka Alloh. Lamun alus sangkana ka Alloh maka takdir anu tumiba kana diri bakal ngeunah, lamun goreng sangka ka Alloh maka taqdir anu tumiba ka diri bakal goreng.

Menurut penelitian ahli jiwa, naon anu aya dina pikiran bakal terjadi. Lamun anu kapikirna hade maka bakal hade. Maka tetep tawakal ka Alloh sabab naon bae anu aya dina pikiran eta bakal mempengaruhi kana kaayaan husnuddlon ka Alloh, anu mana eta teh kedah kajaga.

Cara dina ngajagana aya dua :

1. Ku jalan ngama’rifatkeun Sifat-sifat sareng Asma Alloh.

Alloh teh anu Maha Rohman anu berarti sagala perkara anu tumiba ka diri timbul tina Sifat Rahman jeung Rohimna Alloh.

Paling henteu tindakan kolot kanu jadi budak, lamun landasanna ku rasa nyaah sok sanajan ngajiwir, ku balas dasar nyaah jadi we maslahat eta budak sanajan eta budak ngarasa bahwa kolotna kacida teung-teuingen.

Kitu deui hamba anu teu bener maka tatkala nampa takdir ti Alloh anu kurang pas jeung kahayang manehna, jalma eta bakal ngarasa akur kawas budak leutik nu di jiwir ku kolotna.

Manusa mah lamun keur sangsara ibadahna sok getol, tahajudna getol, sholatna getol. Berarti eta ciri elingna ka Alloh ku jalan menang heula cocoba ti Alloh. Hisi (panca inda) nu ngarasakeun nyaah ti Alloh terutama tatkala menang tindakan ti Alloh.

2. Nafakuran Paparin ti Alloh ka diri sewang sewangan.

Nafakuran diri ti mimiti lahir, naha urang tina rahim ibu mawa sawah ? tah rizqi jeung sagala rupana Alloh anu bakal nanggung jawabna, doraka hukumna tatkala urang su’udlon ka Alloh. Kulantaran kitu, Urang salaku hamba Alloh wajib husnudlon ka Alloh. Mudah-mudahan urang salalawasna aya dina rahmat Alloh SWT. Aamiin yaa Robbal ‘aalamiin.

Continue Reading
Click to comment

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Copyright © 2023 Miftahul Huda Pusat.